Postingan

Menampilkan postingan dari April, 2021

Mangpaat tekonologi dina kahirupan

  Ari Teknologi informasi dina mangsa kiwari teh geus jadi pangabutuh nu moal bisa dipisahkeun dina kahirupan masarakat di kota atawa di desa. Lain ngan ukur jalma nu boga kapentingan husus di widang bisnis atawa urusan penting sejena, tapi barudak sakola oge geus diwanohkeun jeung eta teknologi, nu dipiharep sangkan bisa ngigelan jaman teu katinggaleun kalindes ku wanci nu beuki maju. Sumebarna teknologi bisa mawa pangaruh nu hade jeung bisa nimbulkeun pangaruh nu goreng, hal eta gumantung ka jalma nu ngagunakeun teknologina. Rupa-rupa tina wujud hasil teknologi contona diantarana bae komputer, laptop, smartphone, jeung sejenna, di lingkungan barudak sakola eta tilu ngaran teh geus teu aheng deui. Lantaran eta barang geus jadi pangabutuh anu teu saeutik meakeun waktu jeung waragad, temahna bisa ngalantarankeun barudak sakola poho kana waktu nu utama keur diajar, tepi teu sakabehna kitu aya oge nu ngamanpaatkeun eta teknologi keur kaperluan diajar di sakolana. Kaparigelan nonoman d...